CLICK HERE FOR THOUSANDS OF FREE BLOGGER TEMPLATES »

Senin, 17 Maret 2008

Wilujeng Sumping

Ingetaneun, panginget-nginget, kurang inget kitu ?

Sim Kuring jalmi anu kirang tata, titi, duduga jeung peryoga, sakapeung mah sok era, ras ku diri anu teu nalipak maneh....naha Kuring teh geus kaasup jelema anu bageur, bener, pinter jeung singer, malah mandar atuh ulah nepikeun kabalinger.
Ari ras ku nasib diri, kuring mah asa can pernah manggihan naon anu disebut kabagjaan hirup teh, boh lahir atawa batin. Kabagjaan anu ku kuring dimaksud nyaeta kabagjaan lahiriah anu nimpa ka kuring. Teu saeutik kuring mikir, naon atuh ari bagja di dunya teh ? Kalungguhan ? Harta ? Tahta atawa wanita, rajakaya anu bru dijuru bro dipanto kitu?. Sakapeung mah kuring teh sok bingung, naon atuh anu jadi udagan kuring. Pagawean anu ku kuring dirandapan ayeuna teu jauh-jauh teuing jeung hasil atikan kolot-kolot kuring anu tos lami tilar dunya, nya dina widang atikan oge. Tapi lamun ras ka pangalaman-pangalaman kuring saencana dina widang atikan, pantes kitu kuring teh ?
Nya meureunan, di pantes-pantes we................supaya Pantes. Ghitu lhoh

0 komentar: